pondok pesantren al-jarnauziyyah pasir golontor

Rabu, 17 September 2014

J A S O E N D A: ”PAMEKAR BASA SUNDA"

J A S O E N D A: ”PAMEKAR BASA SUNDA": BASA NITENAN FATWA Meulit murilit kana peujit, ngancik dina ati sanubari, sumarambah dina bayah matak ngena kana manah. Ngaleketey kana l...

PONDOK PESANTREN AL-JARNAUZIYYAH PASIR GOLONTOR

”PAMEKAR BASA SUNDA"


BASA NITENAN FATWA


Meulit
murilit kana peujit, ngancik dina ati sanubari, sumarambah dina bayah
matak ngena kana manah. Ngaleketey kana lambey ngaleketek kana kelek,
nyocog kana jajantung.
Kapeutik hasilna kaala buahna,
kakali beutina.Katampi kaastakalih
kateuda kalingga burda.
BASA SALUYU JEUNG MANUSA


Kacai
jadi saleuwi, kadarat jadi salogak, saigel sarengkak sapari polah
sabobot sapihanean, pakait patali asih pacangreud Sukma ati.
Lir ibarat gula jeung amisna, uyah jeung asinna, obat jeung paitna jst.


BASA DINA NITENAN MANGSA


Menit
anu paciwit-ciwit, jam anu pa antay-antay, pae anu patele-tele, beurang
anu taya karingrang, peuting anu teu cicing-cicing, disusul ku minggu
anu pa tunggu-tunggu, di papag ku bulan anu pinuh kupanghareupan sumping
taun anu pa untun-untun.


BASA NYANGGAKEUN PUJA


Kembang
malati jatining iman anu sajati anu ligar dina ati kersaning Alloh anu
maha suci. Kembang gadung anu gumulung dina jantung kersaning Alloh anu
maha agung.
Kembang
samoja anu mangkakna dada kersaning Alloh anu gagah perkasa tur maha
wisesa. Kembang mawar anu ligar dina taar kersaning Alloh anu maha
beunghar.
BASA INDUNG BAPA


Indung anu ngakandung bapa anu ngayuga.
Matak
ulah munjung kagunung ulah muja kasagara, munjung mah kudu ka indung
mujamah kedah ka bapa. Da anu jadi kolot mah estu clak herang clak putih
caang bulan tanggal opat belas jalan gede sasapuan, melaan ngurus
ngatik tur
ngadidik nu jadi anak.
BASA PUTRI LIR WIDARI


Geulis kawanti-wanti kaya widadari, geulis bawaning ngajadi endah lain pupulasan.
Rambutna hieung meles ombak banyu lir mayang jambe nu rek ligar.
Beungeutna ngadaun seureuh.
Tarangnya jementrangan kawasss bentang.
Halisna lir katumbiri.
Socana cureuleuk lir intan baiduri. Pangambungna mancung lir kuwung-kuwungan.
Damisna lemes matak tijalkeuh tuma. Angkeutna lir endog sapotong. Lambey na ipis matak pi kauruyeun.
Pananganana ngagondewa.
Angkengna lir ibarat   papanting. Imbitna dempok biola.bitisna  jaksi sajantung. Lamun ditilik ti gigir lenggik sisawang ti tukang kenjang, diteuteup ti hareup sieup.


TAWIS KATINEUNG TI INDUNG BAPA


Indung  tunggul rahayu,bapa tangkalna darajat, kitu  numutkeun
paribasa indung darma ngayuga, estu clak putih clak herang, caang bulan
tanggal opat belas jalan sasapuan, teu rek igeug taligeug, moal baha
bahan kana tinimbalan yang manon.
Kalayan
kudrat sareng irodatna Alllah waktu anu ditunggu-tunggu tos katimum
sanaos tadi rikat inditm nu tiheula cepat mangkat, anu datang cepat
mulang. Anaking.. hidep ayeuna tos ngabandang ngajadi bujang tutug  rampung
tuntas paragat, milang jari panungtungan, dina detik ieu hidep anaking
ngawitanna mangsa balig, munggaran nampa tugas tinu kawasa.
Nampi pameredih tin u maha suci, buku amal weuteuh ti lohil mahfuzd mangga geura sambut  ku
pangemut, buku daftar anjeun keur setorkeuneun dina hisaban. Kenca
katuhu malaikat patugas Allah ngukuntit kamana bae hidep indit, dinu
caang dinu poek, keur seueuran ker nyorangan, bade tarik bade laun,
katawis atawa hanteu, mungguh Allaoh hanteu aya nu samara, rengkak
paripolah anjeun moal lesot tina pangdangu sareng paneteup pangeran
Robbul ‘Alamiin.


Ayeuna
mangsana miang ngaleupaskeun medarkeun layar kahirpan. Geusan ngambah
sagara bakti ka pangeran. Kade anaking ulah rek katipo ku hejona lautanm
ulah rek kabita ku rayauan ombak lautan.
Hejo
soteh rupana, da ari eusina mah matak cilaka jeung matak sangsara. Sing
rajin neangan elmu, margi ilmu nu bakal mentaskeun hidep dina lauatan
kahirupan. Ulah rek kaganggu atanapi ngagugu hawa nafsu, margi eta
pangajak syaetan anu dika’nat ku pangeran, sabab badan anu katempuhan.
Laksanakeun sareng heulakeun kawajiban ti pangeran, terutama solat anu
lima waktu keadh dilakonan dina awal waktu.
Teras pigawe sunnah Nabi ngarah engke jadi dandanan di akhir zaman.


Lain ema jeung baba rek ngalaeupaskeun tanggung jawab, dalah dikumaha ayeuna hidep tosa gaduh buku nyalira.
Bapak ngan saukur bisa gugupay ku pangwarah alakadarna, tetep ujang anu nangtoskeun.
Ayeuna
hidep anakaing anak bapa, bapa amanat pertahankeun syahadataen ulah
nepikeun pareum, sing hurung dina jantung, tuluy patalepa ka anak incu
anjeun. Lamun nu teu kitu berarti anjeun jadi penghianat agama, Rosul,
Sohabat, jeung ulama, malah kanu jadi indung bapa jeung sakabeh turunan
tah ieu titip dua kalimah syahadat: